Lalampahan Si Soma


LALAMPAHAN SI SOMA.
Si Soma bujang lapuk anu hideung lestreng meunang THR anu lumayan. Kacaritakeun manéhna jalan-jalan ka Maribaya méakeun kapanasaran. Si Soma tumpak beus kota ti St Hall anu heurin pasedek-sedek, kapaksa nangtung. Di jero beus aya aki-aki jeung nini-nini bulé anu nangtung ogé. Basa Inggris Soma ngan pas-pasan pisan, kitu gé pédah baé aya kursus gratis di kantorna, tapi kulantaran si aki-aki bulé ngajakan ngobrol, nya kapaksa ngaladénan.

“What country do you come from?”

“Indonesia Sir !”

“Oh, I thought you an African’s negro. Can you speak English ?”

“Yes Sir”.

“So, please explain me about your family in English”.

“Oh, I can’t Sir !”

“Why ?”

“Because I have no family in English !”

“????” (aki-aki bule ngahuleng)

Bari jeung rada teu ngarti si aki-aki bulé terus ngajakan ngobrol.

“By the way, where were you born?”

“Bandung Sir”

“Which part ?”

“All of me Sir, from my leg up to my head”

“????” (aki-aki bule teu ngarasa heran)

Palebah Lédeng aya ucing ngaliwat, beus ngerém ngadadak, si Soma nincak suku si aki-aki bulé.

“Oh, I am sorry !”, ceuk Soma

“I am sorry too”

“????….I am sorry three”

“What are you sorry for?”

“???…..I am sorry five Sir”

“?????” (aki-aki bule lieuren)

Dasar suku si Soma hompimpah alias jébrag (maklum ti leuleutik tara maké sapatu), manéhna nincak suku nini-nini bulé anu nangtung sagigireun aki-aki bulé téa bari jeung teu karasaeun. Si nini-nini bulé sigana keur séwot.

“Hey young man ! By doing like this, you will go to hell!”

“Oh ? Stop pir! Kuring salah beus, sugan téh ka Maribaya!”

“?????” (aki-aki jeung nini-nini bule silih teuteup bari jeung teu ngarti kana polah si Soma)

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor