
Ngapalkeun
Si Itok keur ngapalkeun, "Penemu gravitasi Isaac Newton, penemu kekekalan energi Einstein, penemu....," reg manehna eureun, ngahuleng.Pok nyarita ka si Kabayan Bapana, "Pa, ari penemu kecap 'Anjing' anu sok diucapkeun ka jalema, saha nya Pa?"Si Kabayan ukur molohok bari ngahuleng. Dihukum "Pa Guru, ari jalmi anu teu acan ngalakukeun hiji pagawean, meunang teu di hukum ?" ceuk si Itok ka guruna.
"His, nya puguh bae teu meunang. Saurang jalma bisa dihukum kulantaran hijipagawean anu geus dipigawena," ceuk Pa Guru ngajelaskeun.
"Euh, hadena atuh Pa. Abdi can ngerjakeun PR," ceuk si Itok bari nyerengeh.
0 komentar:
Posting Komentar