Dongeng Si Kabayan - Taun

Si Kabayan - Taun

Dina hiji mangsa Si Kabayan  keur ngobrol jeung Ki Émés. Ki Émés nanya ka Si Kabayan  “Ari umur énté sabaraha taun, Bay?”. Si Kabayan ngajawab, “Wah geus kolot kuring mah”. Ki Émés nanya deui “Geus kolot téh sabaraha taun?”. “Duka teuing atuh da kuring mah tara leukeun ngitung jumlah taunna. Nu sok diitung téh .... unggal poé umur ngurangan saban poé saban peuting dicontangan”.  
Ki Émés némpas ka Si Kabayan “Nya heueuh atuh saréréa ogé kitu ari umur mah, maksud ana mah ....eu...., geus aya kana genep puluh taun?”. “Ceuk  kuring gé tara diitung! Ih, bet maksa, pék itung wé ku didinya, méméh jaman Jepang, jaman nanahaon deui mah, asa kuring téh geus aya!” témbal Si Kabayan. Ki Émés nanya deui “Atuh waktu jaman révolusi téh geus aya nyah?”. “Komo wé atuh béh dieu éta mah, ceuk kuring ogé pék wé ku didinya, sabaraha umur kuring!” ceuk Si Kabayan.
Enya nya kolot baheula mah tara ngitung jumlah umur. Sakapeung mah cukup ku kitu wé.... basa gedong saté diwangun téh,  Abah olo lého kénéh jeung sajabana leuheung mun dijadikeun patokan téh, bisa kanyahoan taun-taunna. Éta mun geus kawas énté, jaman anu jaman anu bari jeung hésé nangtukeun taun-taunna, matak bingung cara nu kaalaman ku Khalifah Umar bin Khatab” ceuk Ki Émes.
Si Kabayan balik nanya, “Sameledok! Naha bet los-los ka Sayidina Umar......?”. “Hiji mangsa, aya nu mawa dokumén ka payuneun Umar bin Khattab. Ari titimangsa éta dokumén téh bulan sya’ban nu mana, taun ieu atawa taun nu geus kaliwat. Euweuh saurang ogé nu bisa ngécéskeun témbal Ki Émés.

Euleuh mangkaning dokumén téh surat penting, nya?” tanya Si Kabayan. “Meureun! Nurutkeun riwayat séjén mah disebutkeun yén Abu Musa Al-Asy’ari ngintun serat ka Khalifah Umar nu eusina nyebutkeun yén anjeunna kantos nampi serat ti Khalifah Umar anu teu maké titimangsa, tanggal, poé, jeung bulan, atuh puguh wé matak bingung jeung bisa nimbulkeun kakaliruan” tembal Ki Émés. Si Kabayan nanya deui. “Atuh kumaha?”. “Ah teu kumaha, kitu wé éta mah, najan dua riwayat nu tadi disebutkeun téa saliwat mah siga béda tapi dasarna sarua...”. Si Kabayan nanya deui “Sarua kumaha?” Ki Émés némbalan “Sarua lantaran can aya taun kalénder anu bisa dijadikeun patokan”.  “Heueuh, terus  kumaha?” tanya Si Kabayan. “Kulantaran ngarasa perlu téa, Khalifah Umar bin Khattab ngayakeun sawala pikeun nangtukeun taun kalénder!”. “Ramé hog-hagna?” tanya Si Kabayan deui. Ki Émés némbalan, “Duka atuh da ana mah teu miluan!”. “Deuleu tah, ari ngomong téh.... !” ceuk Si Kabayan.
 Ki Émés némpas deui, “Naha atuh meuni nanyakeun hog-hagna? Biasa wé meureun, aya nu usul, aya nu nyempad. Aya ogé nu usul supaya ngagunakeun pananggalan Romawi, aya ogé nu usul supaya ngagunakeun kalénder bangsa Pérsia...”. Si Kabayan nanya, “Usul mana nu ditarima?”. “Euweuh nu ditarima, geus kitu wé, saenggeus asak nimbang-nimbang itu ieu,  diputuskeun yén anu digunakeun téh anu anyar, nya éta taun  Hijriah!” ceuk Ki Émés. “Taun sabaraha éta téh Més?” tanya Si Kabayan. “Éh, ari énté, nya baheula atuh!” ceuk Ki Émés.
 “Heueuh taun sabaraha? tanya Si Kabayan deui.  “Taun kaopat kakhalifahan Umar bin Khattab, tujuh bélas taun saenggeus ayana hijrah …”, ceuk Ki Émés. “Ké, ké heula, Més! Ari ngaran bulan geus aya ti harita nya?” tanya Si Kabayan. “Euh, geus aya ti baheula ari ngaran-ngaran bulan mah. Nu acan téh taunna. Memang éta ogé aya, tapi henteu diresmikeun sacara nasional mun ceuk cara ayeuna téa mah. Upamana baé, aya taun Adan, taun Ijin Perang, taun Puasa, taun Zakat, taun Kurban, jeung sajabana anu diitung dumasar kana ayana kajadian-kajadian penting dina perkembangan agama Islam” témbal Ki Émés bari seuri.
 Si Kabayan nanya deui, “Naha atuh henteu dicokot salah sahijina tinu geus aya?”. “Wallahu a’lam ....! Éta ogé aya nu ngusulkeun téa mah, tapi Sayyidina Umar ngajén yén ayana hijrah téh mangrupa kajadian kacida pentingna, nepi ka pantes mun dijadikeun patokan pikeun perhitungan taun. Kapan ku ayana hijrah, Kangjeng Nabi salamet tina ancaman maut, salamet ti panyiksa kaum musrikin Mekah, saenggeusna hijrah mah laluasa pikeun da’wah. Enya saréatna tangtuna ogé. Tuluy deui kapan hijrah téh mangrupa kajian sajarah anu misahkeun période Mekah jeung Période Madinah. Komo kapan saur Sayyidina Ali mah taun Hijrah téh mangrupa taun kaunggulan, taun ancurna kabatilan jeung nanjeurna hak!” jawab Ki Émés kalawan daria pisan. “Leuh penting pisan hijrah téh geuning nya?” tanya Si Kabayan. “Puguh wé nu matak urang ogé kudu hijrah kapan... !” témbal Ki Émés. Si Kabayan nanya deui “Deuleu tah, hijrah kamana deui Més?”. “Hijrah mun baheula mah ti Mekah ka Madinah, ayeuna mah tina salah kana bener, tina batil kana hak, tina mentingkeun diri sorangan kana mentingkeun kaperluan umum, demi nusa jeung bangsa, salian ti éta aya deui nu disebut bulan Romadon nu katelahna bulan Puasa téa” jawab Ki Émés. “Lian ti bulan Romadon, bulan naon deui Més?” tanya Si Kabayan. “Dina itungan taun hijrah mah Muharam, Safhar, Rabiul Awal, Rabiul Ahir, Rajab, Sya’ban, Romadon, Syawal, Dzulqo’idah, jeung Dzul hijjah!” jawab Ki Émés. 
Si Kabayan nanya deui, “Pédah  hésé ngapalkeunana kitu, nu matak nepi ka teu arapal kana bulan-bulan dina taun Hijrah téh?”. Ki Émés ngajawab deui, “Duka atuh, da ceuk ana ogé, dina bulan-bulan Maséhi mah sok apal jeung béntang-béntangna sagala. Heueuh saperti Virgo, Taurus, Léo jeung sajabana. Hayu ah, urang dahar beuteung kuring geus kekerebekan!”. “Hayu atuh, da kuring ogé sarua lapar!” témpas Si Kabayan bari duanana indit ngaléos muru ka dapur.
 (Dicutat tina Manglé Alit No. 1110 )

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor