
Kamajuan Teknologi
Profesor ahli antariksa diwawancara ku wartawan. "Dina kamajuan teknologi ayeuna, missi ka bulan mah geus teu aneh. Nu matak sim kuring keur nyiapkeun missi ka panon poe," ceuk profesor. "Naha bakal tiasa kitu Pa Profesor?" ceuk wartawan panasaran, "Kapan tong boro tepi ka panonpoena, dina anggang puluhan kilo meter oge pesawat antariksa tangtu bakal ancur kaduruk!" ceuk si wartawan deui. "His, henteu talobeh kuring oge," Ceuk profesor ngeceskeun, "geus dirancang, eta pesawat cundukna ka panonpoe teh bakal tipeuting!" Obat Tidur Di hiji rohangan rumah sakit umum, perawat keur ngageuingkeun pasen anu keur tibra sare. Bakating ku tibra, tepi ka kapaksa perawat teh ngageubig-geubigkeun awak si pasen, malahan terus beungeutna dikepretan ku cai. Teu lila si pasen teh ngagurinjal hudang, bari nanya ka perawat, "Aya naon Suster?" cenah. Ditembal ku perawat, "Ayeuna tos waktosna tuang obat deui!" pokna. "Naha obat naon deui sus?" tanya pasien. "Ieu pel obat tidur" jawab suster bari ngasongkeun pel.
0 komentar:
Posting Komentar