Humuor Sunda Garong Abstrak

Garong
           
            Si Enci lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona kagarongan. 
            Eusina kabeh dikerid ku garong, anu cenah jumlahna lobaan.
            "Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod," pokna bari pepeta. 
            Maksudna mah salakina ditalian, sarta anakna diborogod ku garong tea.
            "Ari Enci dikumahakeun?" pulisi nanya.
            Si Enci kalahka ngabigeu bari aluman alimen.
            "Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod...."
            "Enya, eta mah pan si Engkoh jeung si Otong. Ieu mah Enci, 
            dikumahakaeun ?"
            "Ah, embung, ela....," tembalna
 
 
 Abstark
 
            Guru : "Mar, naon ari anu disebut abstrak?" 
            Umar : "Henteu kongkrit Pa." 
            Guru : "Kumaha maksud henteu kongkrit teh, Ju?" 
            Juju : "Teu kongkrit teh hartosna teu tiasa katingal, teu tiasa 
            dirampa, tapi hakekatna aya." 
            Guru : "Alus, cing bere conto, Unang!" 
            Unang : "Lancingan Eti, Pa!
 
 

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor