Humor Sunda Pelayan Robot

PALAYAN ROBOT
Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

Mah lapar henteu?”, ceuk Abah

Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu

Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun

Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula

Tuh aya restoran nu palayana maké robot!

Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.

Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.

Enya waé palayana téh robot.

Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

What is your nationality?”, robot nanya.

Indonesia” ceuk Abah.

Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.

Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.

Sunda”, ceuk Abah.

Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.

Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.

Aya

Pesen dua porsi

Porsi ageung atanapi alit?"

Porsi ageung

Sabaraha céngékna?

Nu hiji dua, nu hiji sapuluh

Nganggo kangkung?

Enya

Nganggo waluh?

Enya

Nganggo engkol?

Enya

Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?

Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.

Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?

Kumaha sia !

Kacangna setengah mateng atanapi mateng?

Goréng sing garing!

Nganggo goréng bawang henteu?”

Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.

Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?

Dipiringan !

Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?

Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan

Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?

Kumargi teu acan aya jalantahna………..

Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !

kuring gura-giru indit bari kukulutus.

Humor Sunda Sakti Anjing Pinter

 Sakti???!!
            Si Duloh salah saurang penghuni WTC anu salamet dina tragedi 
            serangan teroris, manehna langsung diwawancara ku stasiun tivi 
            swasta. 
            Reporter CNN : " Anyiiiir hebat euy maneh jagoan bisa salamet..cik 
            atuh caritakeun..!" 
            Si Duloh : " He.he.he saha heula atuh Duloh!" 
            Reporter CNN : " You..ti Indonesia nyah..?" 
            Si Duloh : " Geuning silaing nyaho..!" 
            Reporter CNN : " Ih puguh we pan urang Indonesia mah katelah sarakti 
            jeung weduk..jadi matak salamet ge maneh sakti nyah..?" 
            Si Duloh : " Lain sakti euy, tapi basa kadinya wtc-na geus 
            rugrug..biasa urang Indonesia mah lamun ngantor sok kabeurangan..!" 
            Reporter CNN : " Fuck you...!" 
 
 
 Anjing Pinter
            Pribumi : "Ah, kuring mah boga anjing teh ngajengkelkeun pisan. Kiih 
            ngising dimana bae."
            Tatangga : "Bikeun we atuh anjingna kanu hayangeun."
            Pribumi : "Nyeta barudak teu panujueun."
            Tatangga : "Tuluy dikumahakeun atuh?"
            Pribumi : "Kapaksa bae disakolakeun ka tempat latihan anjing."
            Tatangga : "Kumaha hasilna?"
            Pribumi : "Memang ayeuna mah teu ngising dimana bae. Tapi mun geus 
            asup ka WC aya kana dua tilu jamna, da bari udud jeung maca komik!"

Humor Sunda Tebakan Manuk Beo

   
Tebakan
            Palebah mana saruana PC jeung Psokolog ?
            Sarua bisa mantuan nganggeuskeun masalah batur, tapi teu bisa 
            nganggeuskeun masalah manehna sorangan
            Naon sababna software demo rata-rata ukur bisa digunakeun dina waktu 
            30 - 90 poe ?
            Sabab leuwih tina jangka waktu eta mah, manehna kudu kuliah deui, 
            lamun henteu bisa di DO.
 
 
 Manuk Beo
            Tukang Beo : " Mangga bilih bade digaleuh. Ieu mah tos capetang 
            nyaritana. Upami ku Bapa dibetot suku kencana, ieu beo bakal 
            nyarita, 'Wilujeng enjing Pa!' Upami dibetot suku katuhuna, 
            nyaritana beda deui, 'Wilujeng sonten Pa!' Mangga saha anu bade 
            ngagaleuh".
            Nu rek meuli : "Upami sukuna dibetot duanana kumaha ?"
            Beo anu titadi ngadedengekeun ujug-ujug pok nyarita, "Atuh rag-rag 
            uingna goblog!"
 

Humor Sunda Maling Domba Munding Ngadat

 
Maling Domba 
            Aya sakitan anu dijagragkeun ka pangadilan lantaran dituduh maling 
            domaba.
            Hakim : "Bener maneh maling domba?"
            Sakitan : "Teu pisan-pisan Pa Hakim!"
            Hakim : "Naha teu ngaku? Kapan ieu buktina tambang aya di imah 
            maneh?"
            Sakitan : "Henteu, Pa Hakim, abdi mah teu rumaos maling domba!"
            Hakim : "Ari ieu tambang?"
            Sakitan :"Abdi teh wangsul ti kebon, dijalan mendakan tambang, nya 
            dibantun weh lumayan kanggo sasampayan. Ari dugi ka rorompok, 
            singhoreng tambang teh tungtungna nyangkol kana beuheung domaba. 
            Numawi abdi mah sanes niat bade maling domba."
            Hakim : "Oh..kitu! Lamun kitu mah putusan dirobah. Maneh dihukum 
            kulantaran manggih tambang di jalan. Kumaha?"
            Sakitan : "Tah, abdi nampi upami kitu mah!"
 
 
 Munding Ngadat
            "Mang kersa teu narik munding ka pasar?" ceuk saurang lalaki ka 
            supir treuk. Supir treuk anu titadi can narik pisan semu atoh, pok 
            nyarita, "sok wae bawa atuh mundingna kadieu." 
            Leos jalema nu tadi teh indit, rek nyokot munding tea maksudna mah 
            meureun. Rada lila inditna teh. 
            Torojol datang deui nyampeurkeun supir treuk, "Mang moal cios ah 
            narik munding teh", pokna. 
            "Naha?" supir treuk semu handeueuel.
            "Mundingna ngaradat, tumpak mobilna haroyongeun di payun!".
 

Humor Sunda Kamajuan Teknologi Obat Tidur

Kamajuan Teknologi

            Profesor ahli antariksa diwawancara ku wartawan.
            "Dina kamajuan teknologi ayeuna, missi ka bulan mah geus teu aneh. 
            Nu matak sim kuring keur nyiapkeun missi ka panon poe," ceuk 
            profesor.
            "Naha bakal tiasa kitu Pa Profesor?" ceuk wartawan panasaran, "Kapan 
            tong boro tepi ka panonpoena, dina anggang puluhan kilo meter oge 
            pesawat antariksa tangtu bakal ancur kaduruk!" ceuk si wartawan deui.
            "His, henteu talobeh kuring oge," Ceuk profesor ngeceskeun, 
           "geus dirancang, eta pesawat cundukna ka panonpoe teh bakal tipeuting!"
 
 
 
 Obat Tidur
 
            Di hiji rohangan rumah sakit umum, perawat keur ngageuingkeun pasen 
            anu keur tibra sare. Bakating ku tibra, tepi ka kapaksa perawat teh 
            ngageubig-geubigkeun awak si pasen, malahan terus beungeutna 
            dikepretan ku cai.
            Teu lila si pasen teh ngagurinjal hudang, bari nanya ka perawat, 
            "Aya naon Suster?" cenah. 
            Ditembal ku perawat, "Ayeuna tos waktosna tuang obat deui!" pokna.
            "Naha obat naon deui sus?" tanya pasien. "Ieu pel obat tidur" jawab suster
            bari ngasongkeun pel.
 

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor