Humor Sunda Pelayan Robot

PALAYAN ROBOT
Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

Mah lapar henteu?”, ceuk Abah

Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu

Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun

Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula

Tuh aya restoran nu palayana maké robot!

Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.

Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.

Enya waé palayana téh robot.

Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

What is your nationality?”, robot nanya.

Indonesia” ceuk Abah.

Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.

Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.

Sunda”, ceuk Abah.

Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.

Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.

Aya

Pesen dua porsi

Porsi ageung atanapi alit?"

Porsi ageung

Sabaraha céngékna?

Nu hiji dua, nu hiji sapuluh

Nganggo kangkung?

Enya

Nganggo waluh?

Enya

Nganggo engkol?

Enya

Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?

Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.

Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?

Kumaha sia !

Kacangna setengah mateng atanapi mateng?

Goréng sing garing!

Nganggo goréng bawang henteu?”

Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.

Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?

Dipiringan !

Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?

Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan

Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?

Kumargi teu acan aya jalantahna………..

Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !

kuring gura-giru indit bari kukulutus.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor