Humor Sunda Maling Domba Munding Ngadat

 
Maling Domba 
            Aya sakitan anu dijagragkeun ka pangadilan lantaran dituduh maling 
            domaba.
            Hakim : "Bener maneh maling domba?"
            Sakitan : "Teu pisan-pisan Pa Hakim!"
            Hakim : "Naha teu ngaku? Kapan ieu buktina tambang aya di imah 
            maneh?"
            Sakitan : "Henteu, Pa Hakim, abdi mah teu rumaos maling domba!"
            Hakim : "Ari ieu tambang?"
            Sakitan :"Abdi teh wangsul ti kebon, dijalan mendakan tambang, nya 
            dibantun weh lumayan kanggo sasampayan. Ari dugi ka rorompok, 
            singhoreng tambang teh tungtungna nyangkol kana beuheung domaba. 
            Numawi abdi mah sanes niat bade maling domba."
            Hakim : "Oh..kitu! Lamun kitu mah putusan dirobah. Maneh dihukum 
            kulantaran manggih tambang di jalan. Kumaha?"
            Sakitan : "Tah, abdi nampi upami kitu mah!"
 
 
 Munding Ngadat
            "Mang kersa teu narik munding ka pasar?" ceuk saurang lalaki ka 
            supir treuk. Supir treuk anu titadi can narik pisan semu atoh, pok 
            nyarita, "sok wae bawa atuh mundingna kadieu." 
            Leos jalema nu tadi teh indit, rek nyokot munding tea maksudna mah 
            meureun. Rada lila inditna teh. 
            Torojol datang deui nyampeurkeun supir treuk, "Mang moal cios ah 
            narik munding teh", pokna. 
            "Naha?" supir treuk semu handeueuel.
            "Mundingna ngaradat, tumpak mobilna haroyongeun di payun!".
 

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor