
Ngimpi
Aya hiji urang Jawa kalawan ngagunakeun bahasa sunda, tapi logatna tetep logat jawa, nyaritakeun impiannana tadi peuting ka babaturanna urang sunda.
Urang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen
Urang Sunda : "ngimpen naon mas?"
Urang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."
Urang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"
Urang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."
Urang Jawa : "Eh ngimpen deui."
Urang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"
Urang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."
Urang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"
Urang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"
Urang Jawa : "Ngimpen ee"
Urang Sunda : "Kumaha tah?"
Urang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh......."
0 komentar:
Posting Komentar