Alamat Hayam - Beda Rundayan



Alamat Hayam
Udin gawe di ternak hayam pak Haji.
Pak Haji : "Din, anteurkeun hayam pesenan mang Juned 50 hiji. ieu alamatna" ( bari mere kartu nama)
Udin        : "Siap pak Haji, eta hayam ku Udin dibengkeut dina motor, kenca 25 hiji, katuhu 25 hiji."
di jalan Udin labuh, hayam kalabur. Tapi Udin kalah seseurian, warga nu ningali aneh
Warga     : "Din, teunanaon? naha make seseurian?
Udin         : "Eta hayam rek kalabur kamana, pan alamatna aya ti abdi"
Warga      : @@@@@
 


Beda Rundayan


Si Ujang budak keur meujeuhna cerewed, sagala ditanyakeun. Hiji mangsa manehna nanya ka indungna: 
"Mah, ari asalna manusa timana?"

Ceuk Indungna teh:" Gusti nyiptakeun manusa munggaran Adam sareng Hawa, geus kitu anak baranahan tepi weh ka urang"

Dua poe saentasna si ujang nanya deui ka Bapana, ceuk bapana teh: 

"Baheula jutaan taun katukang aya sabangsa monyet evolusi jadi manusa!"

Si Ujang jadi bingung da beda jawabanana, tatanya deui ka indungna, indungna ngajawab: 

"Ah eta mah gampang, nu kamari dicaritakeun ku Mamah teh ti rundayan pihak Mamah, ari nu didongengkeun ku Bapa mah, eta mah rundayan ti pihak Bapa!"

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright @ 2011 Sabulangbentor