
SPBU
Dina hiji poe si istri ngambek ka carogena kulantaran telat ngajemput...
tibarang asup kana mobil si istri jamedud teu ngomong pokokna balem....
taah carogena ngarasa teu raos pami dicicingkeun teh...
kaleresan ngalangkungan SPBU, aaah bade nguji pamajikan gerentes hatena
Caroge : "Mah terang hartosna SPBU?"
istri : "nyahooo laah"
Caroge : "S hartosna naon?"
Istri : "Solar"
Caroge : "P?"
Istri : "Premium"
Caroge : "B?"
Istri : "Bensin"
Caroge : "U?"
Istri : (rada ngahuleng,,,, tuluy) "Uyup we sorangan ku didinya....."Masih Di Sawarga
Saurang aktivis awewe mere ceramah di hiji pagempungan. Manehna ngomongkeun kumaha pentingna peran awewe dina kahirupan manusa. Ku sumanget-sumangetna ceramah, manehna nanya ka bapa bapa nu ngiluan pagempungan:
"Coba ku bapa-baba aremut, kumaha kaum lalaki lamun teu aya kaum Hawa?"
Saurang bapa-bapa ngajawab:
"Pasti, Adam masih tumetep di sawarga!"
0 komentar:
Posting Komentar